WILUJENG SUMPING

Nguningakeun Sagala Rupi Nu Aya Di Tatar Sund
a

Jembatan Viaduct

setan padjadjaran

Sabtu, 24 April 2010

Danau Bandung

Dugi ka kiwari kota Bandung karasa heurin ku tantung, saking ku seueur-seueurna jalmi anu linggih dina ieu kota. Jalmi sareng kendaraana saliweran minuhan unggal sudut kota.
Dina hiji mangsa kasirat ku pikiran, lamun urang tiasa uninga kahirupan di jaman kapungkur, kisaran 125.000 taun ka pengker, mangrupa naon nya kota Bandung?

Jumlah penduduk anu teras-terasan nyeueuran dina unggal taunna dugi ka 700 jalmi per kilometer, kota Bandung janten salah sahiji kota pang padetna di dunya, leuwih-leuwih kulantaran Bandung teh kota utama di Jawa Barat. Mung panginten ngan saeutik jalma nu uninga yen di jaman kapungkur kota Bandung teh mangrupa danau purba nu luas pisan.

Hoyong terang kumaha dongengna? Yu urang ningali sejarah kota Bandung..




-rai a.s.r-



Kamis, 04 Maret 2010

Peuyeum Bandung


"Di mana-mana di kampung di kota
‘tos kakoncaran duh nikmat rasane
Sampeu asalna nu direka-reka
naon namina duh matak kabita
Peuyeum Bandung kamashur pangaos
‘teu luhur ku sadaya kagaleh sepuh jeung murang kalih
Mangga cobian ulah panasaran
peuyeum ti Bandung henteu sembarangan"

Siloka lagu diluhur ngemutkeun urang sadaya kanu salah sahiji ciri khas kadaharan urang sunda. Pami urang nyebat kadaharan, teu sakedik rupi-rupi kadaharan anu janten punjul ti sakumna kadaharan di bumi Nusantara ieu asalna ti daerah sunda. Ti jaman kapungkur dugika jaman ayeuna tatar sunda tos kakoncara dinu kadaharan na. Teu langkung tinu unggal dinten libur, seueur wisatawan domestik anu ameng ka kota bandung mung saukur bade nyobian neda di kota Bandung. Ieu mangrupi sababaraha tujuan wisata kadaharan nu aya di kota Bandung:
  1. Batagor Riri JL.Burangrang
  2. Warung Nasi Ceu Mar JL.ABC (braga)
  3. Brownes Amanda JL.RE.Martadinata (Dago)
  4. Bebek Goreng Darmo JL.Jawa (dpn SMP5)
  5. Baso Mang Oboy JL.Moh.Ramdhan
  6. Sate Lemans JL.Buah Batu
  7. Batagor Kingsley JL.Veteran
  8. Sate Kambing Simpang Lima (simpang lima JL.Asia-Afrika)
  9. Surabi Imut JL.Setiabudi (eNHai)
  10. Cireng Rasa Spesial JL.Padjadjaran
Sakitu heula tempat-tempat jajanan anu tiasa dicobian. Mugi kirang langkungna tiasa dikersakeun ku saderek.