WILUJENG SUMPING

Nguningakeun Sagala Rupi Nu Aya Di Tatar Sund
a

Jembatan Viaduct

Kamis, 04 Maret 2010

Peuyeum Bandung


"Di mana-mana di kampung di kota
‘tos kakoncaran duh nikmat rasane
Sampeu asalna nu direka-reka
naon namina duh matak kabita
Peuyeum Bandung kamashur pangaos
‘teu luhur ku sadaya kagaleh sepuh jeung murang kalih
Mangga cobian ulah panasaran
peuyeum ti Bandung henteu sembarangan"

Siloka lagu diluhur ngemutkeun urang sadaya kanu salah sahiji ciri khas kadaharan urang sunda. Pami urang nyebat kadaharan, teu sakedik rupi-rupi kadaharan anu janten punjul ti sakumna kadaharan di bumi Nusantara ieu asalna ti daerah sunda. Ti jaman kapungkur dugika jaman ayeuna tatar sunda tos kakoncara dinu kadaharan na. Teu langkung tinu unggal dinten libur, seueur wisatawan domestik anu ameng ka kota bandung mung saukur bade nyobian neda di kota Bandung. Ieu mangrupi sababaraha tujuan wisata kadaharan nu aya di kota Bandung:
  1. Batagor Riri JL.Burangrang
  2. Warung Nasi Ceu Mar JL.ABC (braga)
  3. Brownes Amanda JL.RE.Martadinata (Dago)
  4. Bebek Goreng Darmo JL.Jawa (dpn SMP5)
  5. Baso Mang Oboy JL.Moh.Ramdhan
  6. Sate Lemans JL.Buah Batu
  7. Batagor Kingsley JL.Veteran
  8. Sate Kambing Simpang Lima (simpang lima JL.Asia-Afrika)
  9. Surabi Imut JL.Setiabudi (eNHai)
  10. Cireng Rasa Spesial JL.Padjadjaran
Sakitu heula tempat-tempat jajanan anu tiasa dicobian. Mugi kirang langkungna tiasa dikersakeun ku saderek.

Tidak ada komentar: